Rabu, 26 November 2008

Ajian kabeungharan

Pikeun ngamimitian, urang buka ku sim kuring. Urang ngabahas masalah kabeungharan !Saderek geus beunghar acan ? mun sakirana acan, saderek hayang beunghar teu ? mun hayang, saderek apal carana teu ? mun teu apal, saderek hayang apal carana teu ? mun hayang apal, saderek nyaho kudu kumaha teu ? mun henteu, saderek hayang nyaho teu ? mun hanteu .. ah nyao, lieur......... da kuring oge can beunghar ......
Kieu cenah, ceuk batur anu geus baleunghar, sabenerna sangkan jadi jalema beunghar teh cenah mah teu hese. Teu hese kumaha ? gampang cenah ! kawin jeung oray, ngingu tuyul, ngingu buta hejo, meuli baju monyet, baju bagong, jeung sajabana. Ngan hanjakal, beunghar tinu kitu mah, sajaba ceuk ki ustad haram, oge teu bisa dihakan ku urang cenah, alias ukur deuleu-eun batur ! Har.. percumah atuh lin ari kitu mah ? Nya puguh we atuh... keur naon loba sagala oge ari ukur bisa dideuleu wungkul mah ? Da urang mah apan hayang loba sagala teh bari ngeunah dihakan lin ?
Tah, kumaha atuh cenah supaya urang bisa beunghar bari bisa dihakan tea teh ? Ieu ge rada gampang cenah, ngagarong bank, ngagusur mesin ATM, nyitak duit sorangan, jst. bisa jadi alternatif. Ngan nyakitu, bisa dihakan, tapi haram jeung moal jongjon deuih ngahakan na ge ....Jadi kumaha atuh supaya urang bisa beunghar bari halal jeung ngeunah karasana ? Ieu ge teu hese, malahan mah leuwih gampang tinu tiheula-tiheula. Tah carana teh cenah, tinggal ngawawuhan jalema-jalema anu geus baleunghar. Terus mentaan duit ka maranehna ? His lain, geus wawuh jeung nu baleunghar eta, ulah sakali-kali urang miharep harta maranehna. Lamun urang bener-bener hayang beunghar, titenan kabiasaan maranehna; isuk-isuk maranehna sok naon, beurang sok naon, sore sok naon, peuting sok naon, jam sabaraha hudangna, jam sabaraha sarena, naon anu dibacana, iraha waktu luangna, iraha urang bisa ngawangkong jeung maranehna, kunaoan bisa beunghar siga ayeuna, naon saran-saran maraneha ka urang, jeung sajabana.
Tah, dimana urang geus ngabogaan informasi lengkep ngeunaan maranehna, prak cobaan, jalankeun naon-naon anu pernah ku maranehna dilakukan baheula samemeh maranena jadi beunghar siga ayeuna. Kumaha cenah lamun beunghar warisan ? Nya wayahna... saderek kudu neangan kolot anyar anu beunghar ! jelas moal mungkin lin ? jadi, teangan atuh jalema beunghar anu lain beunghar tina warisan, tapi beunghar tina hasil kesangna sorangan ! Loba jalema siga kitu teh, nu penting urang daek jeung bisa ngawawuhanana !
Naha kira-kirana mun urang nurutan, bakal bisa beunghar siga manehna ? nya ari palebah dinyana mah wallohualam, ngan nu jelas saeutikna urang boga conto anu nyata, yen jadi jalma beunghar teh bisa diihtiaran ku jalan sakumha anu pernah ditempuh ku jalema beunghar anu dititenan ku urang tadi. Ari kasebut aya conto mah, urang moal loba kasasar teuing lin ?Atuh kumaha cenah lamun hese ngawawuhan jalema-jalema anu baleunghar tea ? tah ieu ge teu hese cenah, tinggal baca we biografina. Baca ngeunaan Bill Gates, Donald Trump, Kolonel Harlan Sanders, Mr. Bata, atawa mun di urang mah Rachman Halim nu boga Gudang Garam, Sosrodjojo nu boga Teh Sosro, Sudono Salim, Aburizal Bakrie, Ciputra, jrrd. Naha cukup ukur ku maca wungkul ? naha bisa sagampang eta ? Tah dina lebah dieu mah ulah loba tatanya teuing, pek we pikiran ku sorangan da gues galede lin ? Cobaan heula we hiji-hiji, rarasakeun, aya pangaruhna hanteu.......
Jadi, salah kacida lamun saderek hayang beunghar, tapi ari gaul sapopoe jeung barudak ABG anu karesepna chatting, maraen game, momotoran, noelan bujur awewe, jst. Komo mun saderek hayang beunghar, ari gawe ukur dikukuyung sarung bari teu dicalana.mah... wah.... gejeburkeun we ka laut nu kitu mah, sina dihakan ku lauk hiu !Kumaha ... satuju teu ???

WIlujeng Tepang

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Baraya sunda sadayana, alhamdulillah sok sanaos bari rada kaleked ahirna ieu blog tiasa oge midang. Sanes gagayaan atawa naon, ieu mah mung sakadar hoyong ngaramekeun dunya maya ku tulisan-tulisan dina basa sunda, bari sakali-sakali bisa diangge ngubaran stress sugan... atawa mung sakadar curhat, miceun unek-unek anu kadang-kadang ukur bisa dipendem dna hate
Tah kangge baraya sunda sadaya anu kaleresan kasasar ka ieu blog, sateuacan ngaleos deui, teu aya lepatna urang silih tepangkeun, nambihan baraya nambihan tali silaturahmi, moal rugel sanes...?
Sakitu hela we bubuka mah, urang lajengkeun ngeusian ie blog, manawi aya mangfaatna kangge urang sadaya.